Assalamu'alaikum..
wilujeng sonten..
Kali ini gingun akan posting cerpen (carpon) yang bertemakan puriding puringkak atau yang berhubungan dengan mahluk halus... langsung aja ya sob dibaca, semoga postingan kali ini dapat memotivasi sobat yang membaca...
Misteri
Sumur Lebak
Dicutat ku : Gina Deviana
Hudang sarè si Nyai
geus siap – siap rèk indit kasumur nudilebak rèk mandi bari jeung gègèroh,
bareng brol kaluar imah manèhna ngahodhod tiriseun kacabak angin tiis
ngahiliwir nyecep kana kulit, “wayah kieu biasanamah geus harudang, naha bet
ayeunamah mani tiiseun” bari ngajanteng dina lawang panto, kadèngè sora
jangkrik nu patèmbalan tingraramè kènèh. Bareng rèk ngasupkeun sendal kana
sukuna puriding.. bulu pundukna tingpuringkak “astagpiruloh.. ieu tèh asa teu
ngeunah hatè geuning” bari ngusap pundukna nupakpuriding ngarah haneut. “lah
meureun èta mah ngankabawakeu kuhawa tiis” cek manèhna bari mawa gèrohan, indit
kalebak.
Sapanjang jalan si Nyai
luak – lieuk, nempoan sugan aya batur nugeus hudang amèh bareng indit kasumur.
Kadèngè sora sendal tingketeplak, rèt baè manèhna ngalieuk katukang nèangan
nuleumpang, mung teu katènjo saha nuleumpang tèh, “saha atuh nu leumpang tèh,
mani teu katènjo? amèh aya batur tadina mah” manèhna ngomong sorangan bari
nuluykeun leumpang mapay gang leutik. Puringkak deui leungeun katuhuna, manèhna
ngagancangan leumpangna amèh tèrèh nepi kasumur.
Bareng nepi kasumur, si
Nyai tuluy ngèncagkeun gèrohannana “biasanamah bi Onih geus aya didieu.. sugan
keur dijalan kitu?” manèhna ngomong sorangan tamba tiiseun teuing. Geus bèrès
nyabunan gerohaneunnana, tinggal di beresihan ku cai, bareng rèk nyiuk cai dina
jero sumur, si Nyai nempokeun cai anu kukurubukan kaluhur, diileng - ileng waè
èta cai ku si Nyai panasaran bisi aya naonan. Keur si Nyai nguleng kana cai, pucunghul
baè leungeun pias gablas euweuh awakan. Si Nyai tuluy ngajerit kasieunan bari
ngacrit lumpat ninggalkeun sumur, sapanjang jalan manèhna lumpat bari inghak –
inghakan ceurik, bakating kureuwas.
Nepi kaimah si Nyai
bareng rèk muka panto, pantona hèsè dibuka, atuh si Nyai gogorowokan ngageroan
indung bapana “Emak... Abah... buka panto geuwat...” si Nyai ngahodhod bari
ramisak. Indung bapana rareuwaseun tuluy harudang nyampeurkeun sora si Nyai
nudiluar, bareng dibuka panto, si Nyai tuluy ngagabrug indung bapana, “geuning
Nyai hol tiluar tos timana, bari mani parias kieu kunaon Nyai?” si Emak
panasaran, bari ngusapan beungeut si Nyai. Si Nyai teu nèmbalan ngan ukur
ramisak, tuluy baè ku si Abah diajak karuang tengah bari dibèrè cai nginum.
Geus rada tenang si
Nyai tuluy nyarita kitu – kieu ka si Emak jeung si Abah, tapi si Emak jeung si
Abah kalahkeun tingbarakatak nyeungseurikeun si Nyai, “ih abah jeung emak tèh
kumaha naha kalah nyeungseurikeun?” si Nyai ambek “Nyai ai kitu ieu jam
sabaraha mani rikat – rikat teuing ka cai, tuh tempo..!” cek si Abah bari
nunjuk kana jam, “astagpiruloh... geuning karèk jam dua, ari sugan tadi tèh
geus subuh..” bari semu molotot nempo jam, “nya pantes wè atuh rèk disampakkeun
kunu kitu ogè” cek si Ema, “ai gerohanana mana?” cek si Abah, “poho
ditinggalkeun di sumur” bari ramisak kènèh. “euh geus atuh geura sarè deui keun
gèrohan mah engkè subuh di bawa ku Abah” cek si Abah, “da hoyong jeung si Emak
sarèna” bari metot leungeun si Emak ka kamer si Nyai.
No comments:
Post a Comment